Wednesday, April 25, 2012



Sora Takbir Ngalanglaeu

Para Pendiri dan Pengajar di Yayasan Mada Krisna
Add caption


          Peutingan lebaran di wewengkon pilemburan Kencana. Sora takbir geus ngageder ti beurang keneh, ti keur abdi nguprek di dapur ngolahkeun asakan. Kupat saukur welasan jeung angeun nangka minangka kuahna. Daging sapi pamasihan uwa mah dibistik, da kitu kahayang Pun Biang.
Pawon kiwari simpe, imah leutik di tengah kebon awi karasana mingkin rehe. Sanggeus solat isya, abdi calik bade nganging dina teras. Ret ka palebah kulon, jalan satapak nu ngembat ti tungtung kebon awi ka imah marakbrak caang. Duka ti iraha lampu neon pating baranang di sabudeureun imah. Padahal, nya saha anu rek ngulampreng ka palebah dieu? Pak RT Danih sigana mah anu boga pokal nyaangan lembur dina peuting leubeut ku ampunan.
“Eeeh, Deska geuning di dieu keneh? Sanes bade ka masjid?” Pun Biang naros sabari nyampeurkeun, jen nangtung hareupeun abdi.  “Ema bade ngiring ka masjid?” abdi naros balik ka Pun Biang.  “Ema mah moal ka mamana da,” tembalna halon. Dadak sakala asa aya anu ngagerihan hatena. Inget kana lalakon hirupna. Meh sataun abdi sakulawarga kudu ngalaman papisah sareng Pun Rama,  kusabab Pun Rama  kedah ngalaksanakeun tugas  ka luar negeri.
“Takbiran di bumi oge teu sawios, Ema, malahan husu. Moal aya anu ngabebereg, barudak tea maraceuh!”
“Iiih, teu kitu… Ngan ieu mah nyeta haroream ka mamana. Ari Deska niat ka mesjid mah henjig wae. Lain arek milu pawey dulag jeung barudak masjid?”
“Muhun… Ema kumaha atuh?” abdi neuteup ka Pun Biang. “Haaar… nya teu kukumaha! Barina oge geus kolot, maenya rek miluan pawey, matak disaleungseurikeun keh!” pokna buru-buru ngabeberah hate, sakuat daya nyamunikeun eusi hatena anu keur sono pisan ka Pun Rama, da biasana lamun peutingan lebaran teh Pun Rama oge aya di rorompok.
Nyeh abdi ngabelenyeh, ceg nyekel panangan Pun Biang, celengok ku abdi dicium pananganana kalawan deudeuh. “Ma, abdi moal lami da, ieu mah mung bade nyumangetan barudak wae… sakedaaap!” saur abdi samemeh miang, dianteur ku teuteup Pun Biang anu mikadeudeuh.
Gusti Alloh mah teuing ku Maha Asih, gerentes abdi sorangan. Sok sanajan kapala kulawarga nuju teu aya di imah, loba geuning anu mikadeudeuh. Tatangga, babaturan ngaji jeung barudak rumaja masjid, loba naker anu mikanyaah ka abdi sareng Pun Biang. Pun Rama mah dipikanyaah pisan ku dununganana, tug nepikeun ka nyanggupan mamtuan sakola abdi nepi ka mana wae, cenah.
Teu lami saparantosna abdi pamit ka Pun Biang, kadangu sora takbir ngadadak asa ngalanglaeu dina ceuli.  Hate abde oge nyaredet sedih kusabab taun ayeuna, dina maleman takbiran, abdi sareng Pun Biang teu tiasa babarengan ka masjid sareng Pun Rama anu nuju ngalaksanakeun tugasna di luar negeri.  Sora takbir mani ngalanglaeu, ngumandangkeun “ALLAH HU AKBAR, ALLAH HU AKBAR………..”  Abdi teras mapah ka masjid bari ci panon teu karasa kaluar kusabab emut ka Pun Rama anu tebih pisan di lembur batur.