Sora Takbir
Ngalanglaeu
Add caption |
Peutingan lebaran di wewengkon
pilemburan Kencana. Sora takbir geus ngageder ti beurang keneh, ti keur abdi
nguprek di dapur ngolahkeun asakan. Kupat saukur welasan jeung angeun nangka
minangka kuahna. Daging sapi pamasihan uwa mah dibistik, da kitu kahayang Pun Biang.
Pawon kiwari simpe, imah leutik di tengah kebon awi
karasana mingkin rehe. Sanggeus solat isya, abdi calik bade nganging dina
teras. Ret ka palebah kulon, jalan satapak nu ngembat ti tungtung kebon awi ka
imah marakbrak caang. Duka ti iraha lampu neon pating baranang di sabudeureun
imah. Padahal, nya saha anu rek ngulampreng ka palebah dieu? Pak RT Danih
sigana mah anu boga pokal nyaangan lembur dina peuting leubeut ku ampunan.
“Eeeh, Deska geuning di dieu keneh? Sanes bade ka
masjid?” Pun Biang naros sabari nyampeurkeun, jen nangtung hareupeun abdi. “Ema bade ngiring ka masjid?” abdi naros
balik ka Pun Biang. “Ema mah moal ka mamana da,” tembalna halon. Dadak
sakala asa aya anu ngagerihan hatena. Inget kana lalakon hirupna. Meh sataun abdi
sakulawarga kudu ngalaman papisah sareng Pun Rama, kusabab Pun Rama kedah ngalaksanakeun tugas ka luar negeri.
“Takbiran di bumi oge teu sawios, Ema, malahan husu.
Moal aya anu ngabebereg, barudak tea maraceuh!”
“Iiih, teu kitu… Ngan ieu mah nyeta haroream ka
mamana. Ari Deska niat ka mesjid mah henjig wae. Lain arek milu pawey dulag
jeung barudak masjid?”
“Muhun… Ema kumaha atuh?” abdi neuteup ka Pun Biang.
“Haaar… nya teu kukumaha! Barina oge geus kolot, maenya rek miluan pawey, matak
disaleungseurikeun keh!” pokna buru-buru ngabeberah hate, sakuat daya
nyamunikeun eusi hatena anu keur sono pisan ka Pun Rama, da biasana lamun
peutingan lebaran teh Pun Rama oge aya di rorompok.
Nyeh abdi ngabelenyeh, ceg nyekel panangan Pun Biang,
celengok ku abdi dicium pananganana kalawan deudeuh. “Ma, abdi moal lami da,
ieu mah mung bade nyumangetan barudak wae… sakedaaap!” saur abdi samemeh miang,
dianteur ku teuteup Pun Biang anu mikadeudeuh.
Gusti Alloh mah teuing ku Maha Asih, gerentes abdi
sorangan. Sok sanajan kapala kulawarga nuju teu aya di imah, loba geuning anu
mikadeudeuh. Tatangga, babaturan ngaji jeung barudak rumaja masjid, loba naker
anu mikanyaah ka abdi sareng Pun Biang. Pun Rama mah dipikanyaah pisan ku
dununganana, tug nepikeun ka nyanggupan mamtuan sakola abdi nepi ka mana wae,
cenah.
Teu lami saparantosna abdi pamit ka Pun Biang,
kadangu sora takbir ngadadak asa ngalanglaeu dina ceuli. Hate abde oge nyaredet sedih kusabab taun
ayeuna, dina maleman takbiran, abdi sareng Pun Biang teu tiasa babarengan ka
masjid sareng Pun Rama anu nuju ngalaksanakeun tugasna di luar negeri. Sora takbir mani ngalanglaeu, ngumandangkeun
“ALLAH HU AKBAR, ALLAH HU AKBAR………..”
Abdi teras mapah ka masjid bari
ci panon teu karasa kaluar kusabab emut ka Pun Rama anu tebih pisan di lembur
batur.
Good!!!
ReplyDeleteAlus !!!
ReplyDelete